Kamis, 02 Januari 2014

Lagu Daerah Jawa Barat

Lagu daerah adalah suatu lagu yang populer dan berasal  dari daerah tertentu dan sering di nyayikan oleh masyarakat daerah tersebut atau masyarakat daerah lainnya. Dan bahasanya juga biasanya menggunakan bahasa daerah tersebut. Karena indonesia merupakan negara yang kaya akan adat budayanya jadi di tiap daerah juga beda-beda lagu daerah nya seperti Lagu Bubuy Bulan dari daerah Jawa Barat, Lagu Anak Kambing Saya dari daerah NTT, Apuse dari Papua, Ampar Ampar Pisang dari Kalimantan, dan banyak lagi dari daerah lain di Nusantara. Berikut dibawah ini Lagu daerah Jawa Barat yaitu :


Manuk Dadali


Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang
Meberkeun jangjangna bangun taya karingrang
Sukuna ranggoas reujeung pamatukna ngeluk
Ngepak mega bari hiberna tarik nyuruwuk

Saha anu bisa nyusul kana tandangna
Gandang jeung pertentang taya bandingan nana
Dipikagimir dipikaserab ku sasama
Taya karempan kasieun leber wawanenna

Manuk Dadali manuk panggagahna

Perlambang sakti Indonesia Jaya
Manuk Dadali pangkakon carana
Resep ngahiji rukun sakabehna

Hirup sauyunan tara pahiri-hiri
Silih pikanyaah teu inggis bela pati
Manuk dadali ngandung siloka sinatria
Keur sakumna Bangsa di Nagara Indonesia




Bubuy Bulan

Bubuy bulan
Bubuy bulan sangray bentang
Panon poe
Panon poe disasate
Unggal bulan
Unggal bulan abdi teang
Unggal poe
Unggal poe oge hade
Situ Ciburuy
laukna hese dipancing
Nyeredet hate
Ningali ngeplak caina
Duh eta saha
Nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate
Ningali sorot socana



Panon Hideung

Panon hideung pipi koneng
Irung mancung putri Bandung
Putri saha di mana bumina
Abdi reuseup ka anjeunna
Siang wengi ka impi-impi
Hate abdi sara sedih
Teu emut dahar teu emut nginum
Emut kanu geulis panon hideung



Sapu Nyere Pegat Simpay

Ririungan urang karumpul
meumpeung deukeut hayu rang sosonoan
Macangkrama bari ngawadul
urang silih tempas silih eledan
Moal lila jeung babaturan
hiji wanci anu geus ditangtukeun
Bakal pisah bakal pajauh
bakal mapohokeun katineung urang
Sapu nyerepegat simpai bakal kasorang takdir
ti Gusti Hyang Widi pasti kalakon
Urang rek papisah urang rek pajauh
meumpeung deu keut hayu rang sosonoan




Pileuleuyan

Hayu batur hayu batur
Urang kumpul sarerea
Hayu batur hayu batur
Urang sosonoan heula
Pileuleuyan pileuleuyan
Sapu nyere pegat simpay
Pileuleuyan pileuleuyan
Paturay patepang deui
Amit mundur amit mundur
Amit ka jalma nu rea
Amit mundur amit mundur
Da kuring arek ngumbara



Tokecang

Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang sapependil kosong
Aya listrik di masigit meuni caang katingalna
Aya istri jangkung alit karangan dina pipina
Tokecang tokecang bala gendir tosblong
Angeun kacang angeun kacang sapependil kosong



Es Lilin

es lilin mah (dunungan) kalapa muda
dibantunmah (dunungan) ka sukajadi
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh henteu ngajadi
es lilin mah dunungan kalapa muda
dibantun mah dunungan di dorong-dorong
abdi isin dunungan samar kaduga
sok sieun mah aduh kantongna kosong
es lilin mah dunungan kalapa muda
diolah mah dunungan dicipatian
abdi isin dunungan ku sadayana
hoyong kabur dunungan seueur kagirang



Cing Cang Keling

Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos ka kolong bapak satar buleneng
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos ka kolong bapak satar buleneng
Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng
Kleung dengklek buah kopi raranggeuyan
Keun anu dewek ulah pati diheureuyan
Cing cangkeling manuk cingkleung cindeten
Blos kakolong bapak satar buleneng







Tidak ada komentar:

Posting Komentar