Selasa, 21 Januari 2014

Gondang Sunda

Seni gondang Sunda nya éta  anu mangrupa budaya sunda warisan ti karuhun anu kungsi kawentar sababaraha taun katukang. Gondang, mangrupa salasahiji kasenian  anu némbongkeun ciri masarakat agraris  pikeun ngungkarakeun rasa sukur ka Nu Maha Kawasa sabada panen. Biasana seni gondang buhun dipintonkeun jang sukuran kana hasil panen anu dihasilkeun. Mimitina ondang mangrupa bagéan tina upacara pikeun ngahormat ka Dewi Pare, Nyi Pohaci Sanghyang Sri, nalika nutu paré nu munggaran biasana disebut meuseul nysi sri, sabada panén lekasan salaku ungkapan rasa bungah, tapi ogé mangrupa hiji kasempetan jang nu ngarora pikeun meunangkeun papancangan. Anu sok ngagondang nya éta wanoja anu dianggap suci atawa nu geus teu menstruasi (menopause ).

Gondang nya éta kasenian anu prakprakana téh nakolkeun Haku kanaLisung, nutu Pare sabari ngahaleuang. Numutkeun Dana Dibrata mah gondang téh nya éta lagu dina tungtungan, ngagondang mah nya éta kakawihan dipirig ku tutunggulan; lagu ngagondang kadéngéna ngalengis, basa-basana muji PARE nu keur ditutu; ngagondang sok dilakukeun ku mojang-mojang bari mikat jajaka nu keur milih pipamajikaneun.Salahsahiji ciri gondang nya éta ayana kagiatan tutunggulan maké halu jeung lisung. “Tingtung tutunggulan gondang” hartina sora-sora anu kadéngé tina paaduna halu jeung lisung anu dipaénkeun ku sababaraha jalma, nepi ka ngahasilkeun sora-sora anu ‘polyponis

Anapon alat-alat nu dipaké nalika ngagondang nya éta lisung, halu, kacapi, kendang, goong, kohkol, jeung angklung buncis.
·         Lisung nya éta pakakas paranti nutu pare, dijieunna tina kai, liangna dua nya éta liang buleud jeung liang pasagi opat panjang
·         Halu nya éta parabot paranti nutu, dijieunna tina kai anu buleud.
·         Kacapi nya éta tatabeuhan anu sok dipaké ku tukang pantun atawa dina Tembang Cianjuran.
·         Kendang atawa gendang nya éta kendang gedé anu raraatna kénca-katuhu sarta pageuhna disambungkeun ku karawat jeung tengah-tengah kuluwungna saperti nu melendung.
·         Goong nya éta ngaran tatabeuhan dina gamelan,digantungkeuna dina gayor atawa kakanco ari disadana ditakol,sorana gung.
·         Kohkol atawa kohok ditakol nya éta kai atawa awi beunang noblongan panjang ka handap.
·         Angklung Buncis nya éta tatabeuhan tina awi ari nyoarana kudu digebeg-gebeg anu laguna lagu kacang buncis,.Cara maénkeuna ku sababaraha urang antay-antayan bari nyarekel angklung di kawihan.

Prakprakan nana nyaeta Sababaraha wanoja nutu pare maké halu kana lisung, tuluy sababaraha jajaka datang. Nalika paamprok antara jajaka jeung wanoja aya paguneman bari dihaleuangkeun bari silih heureuyan, anu tungtungna éta jajaka téh balikna sapasang-sapasang

Kentrung Hariring
ku: Nano S
Jajaka : 
Tamaha jadi LALAKI kudu bisa nyieun halu
Haluna haluna kuat lir beusi
Dipaké nutu dina lisung sorana angin-anginan
Ngelentrung matak nineung ka nyi mojang
Alah kentrung-kentrung aduh ramé pisan
Alah kawél-kawél aduh tapis pisan
Najan ramé teu pabeulit
Sukuna tara tikait
Najan ripuh teu rumahuh
Sumawona hahah-huhuh
Paling-paling aduh nyeri cangkeng
Alah kentrung-kentrung 2X
Jajaka 1:
Basa Nyi Éméh keur nutu ngalamun ka dagor halu
Huntuna murudul satilu-tilu
Jajaka2:
Basa Nyi Icih keur napi gubag-gibeg pasang aksi
Haluna teu pupuguh nyinteruk ceuli
Jajaka 3:
Nyi Ijah milihan serah katinggang lebaheun siah
Bareuhna melendung sagedé gajah
Jajaka 4:
Nyi Mumu gawéna kerung bangun anu nyeri beuteung
Gorobas logodor sagedé halu
Jajaka 5:
Nyi Ijur peuting ngalindur salaki dijieun halu
Anéhna salakina seuseurian
Jajaka :
hahahahahaha heuheuheuheuheuheu 2x
Jajaka 1:
Leuh euleuh tuh aya nyi mojang
Jajaka:
Cing mana?
Jajaka 2:
Duh meuni hejo
Jajaka:
Arék hejo arék koneng ka nyi mojang tetep hayang
Jajaka 1:
Mun kadieu rék kumaha?
Jajaka 2:
Acuh waé sabab butuh
Jajaka1 :
Leuwih hadé urang goda
Jajaka:
Akur pisan mending kitu
Jajaka:
Néng..Néng..Néng.....sora lonceng
Pastiiiiii éraeun
Nyi..nyi...nyi nyiruan tuh
Aduh lucu persis pragawa....teu akh
Wanoja :
Asa teu gugr teu angin jeung asa kamalinaan
Cunihin téh kaleuwihan siga nu kurang saeundan
Aya naon aya naon cing pék ngomong anu bener
Jajaka:
Manawi peryogi halu saé pisan kanggo nutu
Wanoja:
Tayoh pantes kapatutna sirah batu kawas halu
Jajaka:
Rumaos akang mah hipu kagaduh mung ukur halu
Wanoja:
Ngomong kalah beuki ngaco polah api-api bodo
Kami tetep henteu suka anjeun kudu tanggung jawab
Jajaka: Da manéh mimitina jadi saya katempuhan
Ari geus kieu kumaha ngomong...ngomong
Ieu kuring téh arisin-isin isin tuh isin ku lisung
Moal sakali-kali deui hah
Awas diwartoskeun ka abah
Hayoh nyuhunkeun dihapuntén
Sok sok da moal nanaon
Wanoja:
Kalakuan pangakalan kalakuan panipuan
Kalakuan teu uyahan kahayangna diwawuhan
Jajaka:
Kadangu henteu tuh anjeuna bendu socana meuni baruleud
Ayeuna kieu da manéh nu boga dosa manéh nu tanggung jawabna
Wanoja:
Pastiiiiiii éraeun...!!!!
Jajaka:
Enyaaaaaa..
Wanoja 1:
Kami mah jadi kaduhung geus nyarékan leuwih teuing
Sok sieun raheut haténa ngaganggu kana jiwana
Wanoja 2:
Lalaki kitu kuduna supaya kapok jadina
Sabab mun terus diantep boga rasa ieuh aing
Wanoja 3:
Tapi mun ngukur dosana bet asa teu sabaraha
Kumaha atuh jadina sangkan teu goréng ahirna
Wanoja 4:
Halu dipaké gantina nurutan cara manéhna
Urang paké tutunggulan ciri urang sauyunan
Wanoja:
Akur...akur.. nu goréng lain jalmana
Tapi kalakuanana hayu rawatan ayeuna
Jajaka:
Tah kitu alus diurus ti leuleutik geus gedé mulang tarima
His naha kitu teu kedah isin-isin teraskeun..teraskeun
Wanoja:
Da manéh mimitina jadi kami katempuhan
Henteu kudu sindir sampir ngomong ngomong
Aéh-aéh bet ngabetem awas moal dipasihan
Jajaka: Apeum
Wanoja:
Kadangu henteu tuh anjeuna surti kiceupna siga kaleci
Éta kelencina moal kabur
Nya ceuk kami ogé mun daria pék balaka
Jajaka:
Isiiiiin kénéh
Jajaka 1:
Cing halu kuring contoan
Jajaka:
Mimitina wéh
Jajaka 3 : 
Sayang cantik-cantik pada tuli
Telinganya mungkin kelebihan gizi
Sayang kalau mungkin di operasi
Telinganya lucu seperti kelinci
Jajaka 2:
Halo halo nyi Omoh nih??
Ok..ok..ok ak ok ey ok ak ok ey
Salam sayang buatmu seorang
Cup cup cup a ji no mo to
Heu..euh heu..euh heu..euh dah Omoh
Apa? kang Ibro?
Ada sebentar yah
Jajaka 4:
Halo-halo saya Ibro nih
Slamat subuh
Oh...nyi Ijur nih?
Halo...<jur>
Apa kabar...<jur>
Ah engga...<jur>
Makan tebu...<jur>
Halo halo haloooooooowwww
Jajaka :
Cantél yuk?
Jajaka:
Upamina ieu mah nu paséa wawuh deui cing kedah dikumahakeun?
Wanoja :
Ditaros
Jajaka:
Upamina ieu mah hoyong teras silih asih cing kedah dikumahakeun?
Wanoja:
Ditarosan
Upamina ieu mah ditarosan pareng kersa cing kedah dikumahakeun?
Jajaka:
Di keleketek
Akang mah geus pageuh jangji
Moal boga pamajikan
Iwal ka anu sahiji
Anu meulit dina ati
Wanoja:
Leuh euleuh euleuh
Na saha téa?
Jajaka:
Sanés sasaha kapan salira
Wanoja: Duka atuh?
Jajaka :
Akang cinta
Wanoja:
Ngémut heula
Jajaka:
Kedah kersa
Wanoja:
Lamun henteu
Jajaka:
Kedah mangga
Wanoja:
Lamun mangga
Jajaka:
itu dia
Jajaka & wanoja:
Deungkleung déngdék deungkleung
Deungkleung déngdék deungkleung

Wanoja:
Lamun moal daék
Jajaka:
Akang ngélékéték
wanoja:
Lamun abdi daék
Jajaka :
Kulan
wanoja: 
Daék
Jajaka :
Kulan
wanoja:
Daéék
Jajaka :
Kulan
wanoja:
Daéééééééékkk
Jajaka:
Akang ngaréngkénék
Wanoja:
Kadénya ulah ngabohong
Jajaka:
His moal
Wanoja:
Kadénya tong mangnyerikeun
Jajaka :
His moal
wanoja:
Kadénya midua hate
Jajaka:
Moal
Wanoja:
Kadénya sing nyaah pisan
Jajaka :
Moal
Jajaka :
Badé..badéééé..badéééééééé



Contoh Lain Naskah Gondang

Naskah Gondang Sunda

Rajah : Ampun sampurasun
Pun ampun paralun
Teudeun di handeuleum sieum
Tunda di hanjuan siang
Sampeureun cokoteun
Na mangsa nu ninggang dating

Sampurasun nu di manggung
Di buana bale puhun
Indung aing sri ranghyang, ranghyang…….
Nu dangiangan.....
Neda sanghyang dangiang......
Neda rahayuning ambu...

Pun ampun paralun
Kabatara ka batari
Kabatara jagat nata
Ka batari danghyang sri
Neda pangjaring apsari
Panjaring wibawa mukti

Lagu Ninun : Dina iuh iuh tanjung
Dina kalangkang katapang, deuh....
Mojang karumpul ngariung
Nyangking halu rek ngagondang
Heunteu eureun sukan-sukan
Di pirig kacapi suling

Gentrung lisung nu ngagondang
Sada ketuk sada kendang , deuh ...
Trang tring trung tarutunggulan
Sora lisung nu ngagondang
Tolokprang tolokprang torolok lor kolomprang

Duh seuyang seuyang duh seuyang 2X
Duh seuyang seuyang duh seuyang

BARUDAK JAJAKA DARATANG BARI KARAKAWIHAN

Jajaka :
durirang duraring hahariringan 2X
Gandang ngalengkahna
Ginding ngagedigna
Siga menak pajajaran

Caang bulan narawangan
Alam padang lenglang taya aling-aling
Hawar-hawar sora lisung tutunggulan
Moa boal para mojang keur ngagondang
Hayu batur urang pada sukan-sukan
Rang cacapkeun meungpeung aya kasempetan
Urang ngintip mojang lenjang
Nu garinding keut ngagondang

Mojang :
deungkleung dengdek-deungkleung dengdek
Buah kopi buah kopi raranggeuyan

Jajaka :
- tah nu eta anu pendek anu dewek
- nu kuring mah tuh nu itu anu jangkung
- nu uingmah tuh nu itu anu lenjang
- pang sisina etamah bagean kuring
- kuring mah kajen sesana nu ceutik bulu socana

Mojang :
malan ini malati ligar di taman
Aduh sayang keumbangnya tak kunjung datang

Jajaka :
oh rembulan jangan risau jangan bimbang
Ada madu pasti si kumbang datang

Mojang :
bukan rindu ya tuan bukannya bimbang
Rindu dinda tak karuan
Bukan tuan yang kuharap kan menjelang
Satria dari kahyangan aduh lita hiraukan

Jajaka :
daek milih ka kakang perjaka desa
Duh banyak hartanya tak terkira

Mojang :
Tak percaya rayuan pemuda
Pemuda jaman sekarang bicara sembarang gampang
Katanya abang cinta bersumpah abang sayang
Padahal nyatanya mata keranjang

Jajaka :
Duh teungteuingeun nampik teh sapajodogan
Kalau dinda tidak cinta di hati masih terkenang

Mojang + Jajaka :
solali-lali solali-lali solali solali
Wau wau waeng

Jajaka :
asana mah ka uing mustahil nampik
Duh dapat garansi tak beristri

Mojang :
Tak percaya mulut laki-laki
Biasa mulut berjanji di rumah beranak istri
Katanya anak muda gaya masih jajaka
Padahal cucunya sudah lima

Jajaka :
Duh bukan cucu itu mah anaknya anak
Abang sumpah berani mati belum kawin dua kali

Mojang  + Jajaka :
Solali lali 2 x solali solali wau wau waeng

Jajaka :
Dinda kan ku puja spanjang masa
Mojang :
Tidak !
Jajaka :
Ka ku sunting bak sekuntum bunga
Mojang :
Jangan !
Jajaka : 
Mari dinda
Mojang :
Tidak !
Jajaka :
Oh mari rembulan
Mojang :
Jangan !
Jajaka :
Mari.....mari
Mojang :
Tidak !
Jajaka :
Mari kita pulang
Mojang :
Jangan!

Mojang :
Kami berjanji2x walaupun di rantau orang
Kandaku selalu dalam kenangan

Jajaka :
Kaso pondok kaso panjang
Kaso ngaroyom ka jalan
Sono mondok sono nganjang
Sono patepang di jalan

Mojang :
Ulah sok arancin teuing
Bisi engke ngabegengan
Lalaki ulah cunihin
Bisi engke di baeudan

Jajaka :
kaliki daun caringin
Tangkal suren baruahan
Lalaki pantes cunihin
Ngarah balik babawaan

Jajaka :
Yu batur urang ulin ka nanggorek
Mojang :
Ah embung sieun balik muru poek
Jajaka :
Keun bae ambeh seubeh ngeleketek
Mojang :
Leketek embung sieun bareh kelek

Jajaka :
Yu batur urang ulin kananggerang
Mojang :
Ah embung sieun balik muru beurang
Jajaka :
keun atuh ambeh umur urang panjang
Mojang :
Nu panjang Nini Aki balangantrang

Mojang :
Yu Batur urang reureuh bari ulin
Jajaka :
Ah embung balikna sok menta samping
Mojang :
 Keun atuh didinya mah daberehan
Jajaka :
Leuh eulueh aya mojang pangarahan

Jajaka :
Yu batur urang reureuh bari ngopi
Mojang :
ah embung didinya geus aki-aki
Jajaka :
Piraku pan sakieu jagjag keneh



Tidak ada komentar:

Posting Komentar