Jumat, 17 Oktober 2014

Cerita Lucu Terbaru

Gambar wae

Si uyen di titah ngesian biodata ku guruna ker ngalengkapan data, tuluy si Uyen di bre kertas tinggal ngesian. Tuluy di baca eta kertas teh ku si uyen, bari rada teu ngarti, bari pok nateh.

Uyen : bu ari nami di tulis teu bu?
Bu guru : di tulis.
Uyen : ari alamat di tulis bu?
Bu guru : tulis oge.
Uyen : ari nama orang tua di tulis teu bu?
Bu guru : di tulis uyennn...nn
Uyen : ari agama di tulis teu bu?
Bu guru : saryen tulis sakur anu aya di dinya di tulis.
Uyen : ari jenis kelamin di tulis oge bu?
Bu guru : ahhh gambar we lah...
Uyen : oh muhun atuh ari kitu mah bade di gambar.


Ngiuhan

Kacaritakeun odod ker ngagali kuburan, kakara beres eta ngagali kuburan turun hujan gede pisan jeng eweh tempat ngiuhan, sup we odod teh kana sedong kuburan ngiuhan bari nangkarak, can lila jol teh di tanya ku malaikat, cek malaikat teh manrobuka? Na ari Odod ngajawabnateh, ke heula dodoy da kuringmah ngan milu ngiuhan.



Segitu aja dulu, kapan - kapan di sambung lagi, semoga dengan tulisan ini bisa menghibur, mohon ma'af kalo ada yang keliru ini hanya sekedar hiburan semata.

Minggu, 12 Oktober 2014

Cerita Lucu Sikabayan

Cerita Lucu Sikabayan

CERITA LUCU SI KABAYAN

Si kabayan merupakan cerita rakyat yang berasal dari Jawa Barat, Sosok Si Kabayan yang lugu namun cerdik, juga sudah ada yang dibikin film layar lebar. Cerita Si Kabayan  bisa dijadikan obat atau hiburan buat anda yang lagi penat, capek, galau dan lain sebagai nya. Berikut sebagian dari kisah-kisah lucu Si Kabayan diantara nya:



 Si Kabayan Ngawas Ujian 

duka timana alesanna si kabayan meunang tugas ngawas ujian barudak SMP.. singketna carita nalika keur ujian matematika di ruangan anu simpe jempling teu kadenge sora jangkrik-jangkrik acan…. na ari peledek teh bau hitut… bau anu bener-bener bau…. atuh para siswa teh jadi rame pada nutup irungna masing-masing….  ngan si kabayan nu teu nutup irung teh da rumasa meureun….  supaya ulah kapanggih si kabayan akhirna nyarita bari jiga anu rada nyentak…”saha ieu anu teu sopan …make hitut di jero ruangan ujian…” Kabeh murid saling tuduhkeun ka babaturanna bari heureuy….  akhirna si kabayan nyarita kieu “..ehem… barudak… bapa apal saha diantara aranjeun anu hitut…. jeung bapa erek mere nyaho jawaban soal ujian lamun aya anu ngaku hitut….”
na atuh ari cung teh kabeh pada ngaku hitut…abdi pa….abdi pa…kabeh nagku…da hayang jawaban ujian..

 Si Kabayan Ngadeupaan Lincar


Si Kabayan jalma miskin taya kaboga. Di sakampung éta mah pangmalaratna baé meureun. Imahna teu béda ti saung butut. Ari pagawéanana, kitu wé buburuh ngoréd.
Béda deui jeung tatangga Si Kabayan, bandar munding anu kacida beungharna. Sawahna lega, kebonna puluhan héktar, imahna gé nya gedé nya agréng.
Sakali mangsa tatangga Si Kabayan téh hajat gedé, ngawinkeun anakna. Ondangana kacida lobana, boh ti nu jauh boh ti nu deukeut. Carék wiwilanganana salembur éta mah diondang kabéh, iwal Si Kabayan.
Si Kabayan jeung pamajikanana teu kira-kira waé nalangsaeunana. Tuluy waé Si Kabayan téh ngalaan baju, kencling indit ka pipir imah nu boga hajat, pék ngadeupaan lincar.
“Sadeupa, dua deupa, tilu deupa, …,” cenah.
Sémah kacida kagéteunana, nénjo kalakuan Si Kabayan kitu téh. Saréréa ngariung nénjokeun Si Kabayan ngadeupaan imah nu boga hajat.
Pribumi ogé norojol; barang ngadéngé rebut-ribut di luar téh, gancang kaluar. Ari rét ka Si Kabayan, manéhna ngajenghok, tuluy nanya ka Si Kabayan.
“Ku naon Kabayan, manéh téh ngadeupaan lincar? Bet éta jeung teu dibaju kitu, kawas budak waé.”
Témbal Si Kabayan, “Wah, mun kolot gé diondang.”
Nu boga hajat pohara éraeunana, rumasa ngabéda-béda jelema. Gancang waé nyarita.
“Kapan ti kamari gé diondang. Manéhna mah sok pohoan. Gancang balik, dibaju heula, engké ka dieu, sakalian bawa pamajikan,” kitu ceuk nu boga hajat téh.
Si Kabayan kacida atoheunana.


Si Kabayan Pelesir ka Amerika

Kabayan jeung Mitoha na pelesir ka Amerika. Diditu maranehna jalan jalan ka musieum.
Kabayan keur molototan Mumi mesir kuno, pas di handapeun peti batu na aya tulisan 1227BC.
Kabayan : "Abah...aya angka di batu ieu 1227BC maksudna naon nya, Abah?"
Mitoha : "Ah sia mah dasar kampung, katingali kurang gaul, teu gableg ka nyaho... Eta teh PIN BlackBerry na Firaun...!"




   Si Kabayan Ngala Nangka

 Si Kabayan dititah ngala nangka ku mitohana. “Nu kolot ngala nangka téh, Kabayan!” Ceuk mitohana. Kencling Si Kabayan ka kebon, nyorén bedog rék ngala nangka. Barang nepi ka kebon, Si Kabayan alak-ilik kana tangkal nangka. Manggih nu geus kolot hiji tur gedé pisan. Tuluy waé diala. Barang dipanggul kacida beuratna.

“Wah, moal kaduga yeuh mawana, “ pikir Si Kabayan téh. Tuluy wé nangka téh ku Si Kabayan dipalidkeun ka walungan. Jung waé balik ti heula, da geus kolot ieuh!” ceuk Si Kabayan téh nyarita ka nangka.

Barang tepi ka imah, Si Kabayan ditanya ku mitohana.

“Kabayan, meunang ngala nangka téh?”

“Komo wé meunang mah, nya gedé nya kolot,” témbal Si Kabayan.

“Mana atuh ayeuna nangkana?” Mitohana nanya.

“Har, naha can datang kitu? Apan tadi téh dipalidkeun dititah balik ti heula, ceuk Si Kabayan téh.

“Ari manéh, na mana bodo-bodo teuing. Moal enya nangka bisa balik sorangan!” Mitoha Si Kabayan keuheuleun pisan.

“Wah nu bodo mah nangkana, kolot-kolot teu nyaho jalan balik,” ceuk Si Kabayan bari ngaléos.


Semoga dengan adanya kisah dari Cerita Lucu Si Kabayan  bisa menjadi obat dan membawa tawa untuk anda semua.