Kamis, 31 Oktober 2013

Cerita Sikabayan

Si Kabayan Moro Uncal

Isuk kénéh Si Kabayan jeung mitohana geus harudang, lantaran poé éta rayahat rék moro uncal.
Urang kampung geus saraged, maké calana sontog, samping dibeubeurkeun kana cangkéng, bedog panjang nyolégréng. Sawaréh marawa tumbak. Anjing ragég geus hayangeun geura ngudag boroan ka leuweung.
Nénjo batur saraged téh Si Kabayan mah teu ieuh kapangaruhan. Manéhna mah ngaléléké, maké sarung dikongkoyangkeun. Batur-batur marawa bedog, manéhna mah kalah mawa péso raut.
“Keur naon mawa péso raut, Kabayan?” tatanggana nanya.
“Keur nyisit uncal,” jawabna.
Nu rék moro laju indit. Tepi ka leuweung, der ngasruk. Anjing ragég ti kulon, ti kalér, ti wétan. Jalma-jalma pating corowok. Nu megat ayana di beulah kidul, lebah bubulak.
Ari Si Kabayan misahkeun manéh. Manéhna mah nangtung handapeun tangkal jambu batu bari tatanggahan, néangan jambu asak.
Keur tatanggahan, gorowok nu ngagero, “Pegaat…!”
Si Kabayan ngalieuk. Ari torojol téh ti jero rungkun, uncal jaluna. Tandukna ranggah.
Si Kabayan can nyahoeun uncal. Cék pangirana uncal téh sagedé anak embé. Nu matak barang nénjo sato nu siga kuda bari tandukan téh, ngan térékél wé manéhna naék kana tangkal jambu. Teu bisa luhur naékna téh da kagok ku sarung. Manéhna nangkod kana dahan panghandapna, sarungna ngoyondon.
Kabeneran uncal téh lumpat ka handapeunana pisan. Si Kabayan peureum, sieuneun kaparud ku tanduk uncal nu sakitu ranggahna.
Si kabayan teu kira-kira reuwaseunana barang karasa aya nu ngabedol ti handap. Ari diténjo horéng tanduk uncal téh meulit kana sarungna. Uncal ngarengkog, tuluy babadug hayang ngalésotkeun tandukna. Kadéngé ambekanan hos-hosan. Si Kabayan beuki pageuh muntangna, uncal beuki rosa ngamukna, tapi tandukna kalah beuki pageuh kabeulit ku sarung. Si Kabayan beuki geumpeur, sepa taya getihan.
“Tuluuuuung….tuluuunngg…., ieu aing ditubruk uncal…!” Si Kabayan gegeroan ménta tulung.
Teu lila burudul nu moro nyalampeurkeun. Nénjo uncal abrug-abrugahn téh, teu antaparah deui belewer wé ditumbak. Uncal ngajéngjéhé. Jekok-jekok pada ngadékan tepi ka rubuhna. Uncal ngajoprak. Si Kabayan gé ngalungsar gigireunana bari rénghap ranjug.
Nu ngariung uncal hélokeun.
“Kumaha ditéwakna ucal sakieu badagna, Kabayan?”
Si Kabayan nangtung lalaunan bari cungar-cengir., “Ah gampang. Uncal mengpengan ka handapeun tangkal jambu, ku kuring dipegat. Barang geus deukeut, dirungkup wéh tandukna ku sarung . Tuh geuning sarungna ogé tepi ka rangsak saroéh. Geus karungkup mah teu hésé, kari marieuskeun wé tandukna.”
Saréréa gogodeg. Ari Si Kabayan padamuji téh nyéréngéh wé bari ngusapan tuurna nu barared.
Uncal pada ngarecah. Si Kabayan ngajingjing pingping uncal bari heheotan.

Si Kabayan Ngala Roay
Dina hiji peuting Si Kabayan diajak ngala roay ku mitohana. Isukna, isuk-isuk bral ka haruma, rada jauh ti lemburna. Di jalan taya nu ngomong sakemék-kemék acan, sumawonna Si Kabayan da puguh tunduheun kénéh. Tuman héés nepi ka beurang, ari ieu isuk kénéh geus digugubrag dititah hudang.
“Teu kaharti ku mitoha,” ceuk dina pikirna, Sakitu geus kolot na aya kadedemes-kadedemes teuing kana dunya téh. Na keur naon dunya ari lain keur nyenangkeun awak? Ari ieu kalah jadi hukuman. Keun sia geura engké…”
Barang nepi ka huma pék ngala roay. Mitohana pohara getolna. Ari Si Kabayan mah meueus-meueus randeg, meueus-meueus janteng, teu kaur beubeunangan balas ngahuleng jeung ngarahuh bawaning sangeuk digawé. Siga-sigana mah rada mumuleun Si Kabayan téh.
Luak-lieuk, béh karérét karung wadah roay. Jol aya ingetan pikasenangeun. Gelenyu Si Kabayan imut.
“Mitoha! Mitoha!”
“Heuy!”
“Kula rék ka cai heula ieu mules beuteung. Bisi rada lila, dagoan nya! Ati-ati mun mitoha ninggalkeun!”
“Heug! Ulah lila teuing baé.”
“Kumaha engké wé, da kasakit mah ari datang kawas kilat, ari undur kundang iteuk.”
Bari ngomong téh mitohana tonggoy baé ngalaan roay teu luak-lieuk. Si Kabayan sup asup kana karung wadah roay. Awakna dipurungkutkeun bari ngareumpeukkan manéh ku roay nepi ka teu katémbong.
Barang bro mitohana ngabrukkeun roay kana karung, dideuleu karung geus metung, ret ku manéhna dicakupkeun dipocong ditalian, dijungjung-jungjung. “Duh beurat naker,” omongna. Geus kitu gék diuk ngadagoan Si Kabayan.
Si Kabayan didagoan téh ambleng baé, sedeng poé geus reup-reupan. “Naha Si Kabayan bet ambleng baé?” ceuk mitohana ngomong sorangan. “Moal salah meureun terus balik da gering. Éta mah Si Kabayan, naha aya mangkeluk. Benerna mah bébéja heula ka kolot, rék balik téh. Ieu mah léos baé. Aya jelema.”
Rigidig karung roay dipanggul. Édas beurat naker,” omongna. “didedet teuing, ieu mani teuas kieu. Bari dirampa-rampa karungna.
Barang datang ka imah, sok diteundeun di dapur dina raranjangan. Tuluy dibuka beungkeutan karung téh ku mitoha awéwé, bari ngomong, “Euleuh cukul pelak roay urang téh nya, mani sakieu lobana.”
“Hih, tacan kaala kabéh éta gé, da kaburu pinuh, karungna leutik teuing,” jawab mitoha lalaki, “Kakara gé saparona meureun. Bari étaeun, manéhna, teu ngadéngé Si Kabayan, kumaha geringna?”
“Baruk gering? Teu nyaho kaula mah. Panyana jeung andika ka huma.”
“Puguh baé tadi isuk, tapi ti dituna balik ti heula, nyeri beuteung.”
“Aéh-aéh, kutan! Cik manéhna ieu bantuan ngudulkeun roay, bet beurat naker.”
Ana bro téh diudulkeun ku duaan, burulu roay bijil sabagian da sereg dina liang karung. Ku sabab mereketengteng karungna dihantem digeujleug-geujleug, na…ana boréngkal téh Si Kabayan ragrag kana raranjangan morongkol. Mitoha awéwé ngajerit bawaning ku reuwas. Mitoha lalaki ngejat mundur ka tukang awahing ku kagét.
Si Kabayan, “Hé, hé, hé, da capé!” Bari balaham-béléhém.
“Si Bedul téh geuning Si Kabayan,” ceuk mitoha awéwé.
“Da capé, mitoha! Jeung ieuh, ku ngeunah dipunggu ku mitoha téh.”
“Aya adat-adatan, na sia kitu peta ka kolot téh!” ceuk mitoha awéwé. Ari mitoha lalaki léos baé ka imah. Haténa ngunek-ngunek ambek, hayang males.
“Isuk mah anggeuskeun ngala roay téh jeung Bapa, Kabayan! Sing bener ulah goréng polah kitu ka kolot pamali deuleu matak doraka,” ceuk mitoha awéwé.
“Heug, moal mitoha.”
Isukna bral Si Kabayan jeung mitoha lalaki ka huma deui. Datang-datang rétop metikan roay, garetol naker. Mitohana rét deui rét deui ngarérét ku juru panon ka Si Kabayan. Si Kabayan tonggoy baé ngalaan roay. Sigana mah inget kana papatah mitoha awéwé, éstuning junun ayeuna mah kana gawéna téh.
Nempo Si Kabayan jongjon digawé, kuliwed les baé mitohana téh. Si Kabayan mah terus baé ngalaan roay nepi ka karungna téa pinuh pisan. Ret dipangrodkeun liang karung téh. Reketek ditalian.
“Na kamana mitoha bet euweuh? Moal salah ninggalkeu meureun, keuheuleun kénéh urut kamari. Kajeun ah! Aing gé rék balik. Rék digusur baé ieu karung téh, da teu kabawa dipanggul mah,” bari ngomong kitu, bluk karung téh digulingkeun. Durugdug digusur.
“Kabayan! Kabayan!” Ceuk sora jero karung. “Ieu aing, mitoha sia ulah digusur!”
Reg Si Kabayan eureun, “Ah puguh roay, roay!” Bari gaplok dipeupeuh karung téh. Durugdug deui digusur.
“Kabayan! Bapa deuleu ieu, lain roay!”
Roay! Roay!” Bari terus digusur.
Barang datang ka dapur, gebrug ditinggangkeun kana rarangjangan, “Ek!” Sora jelema nu titeundeut.
“Tah mitoha awéwé, roay sakarung!” Bari léos manéhna mah indit ka cai.
Barang diudulkeun eusina, gurubug salakina ragrag bari gegerungan. Awakna daronglak raraheut urut digugusur anu sakitu jauhna. Pamajikanan teu kira-kira kagéteunana Tuluy diubaran ku cilebu. Meunang dua poé mitoha lalaki teu bisa hudang-hudang acan.


Si Kabayan Ngala Tutut

Cék Ninina, “Kabayan ulah héés beurang teuing, euweuh pisan gawé sia mah, ngala-ngala tutut atuh da ari nyatu mah kudu jeung lauk.”
Cék Si Kabayan, “Ka mana ngalana?”
Cék ninina, “Ka ditu ka sawah ranca, nu loba mah sok di sawah nu meunang ngagaru geura.
Léos Si Kabayan leumpang ka sawah nu meunang ngagaru. Di dinya katémbong tututna loba, lantaran caina hérang, jadi katémbong kabéh. Tututna pating golétak. Tapi barang diteges-teges ku Si Kabayan katémbong kalangkang langit dina cai. Manéhna ngarasa lewang neuleu sawah sakitu jerona. Padahal mah teu aya sajeungkal-jeungkal acan, siga jero sotéh kalangkang langit. Cék Si Kabayan dina jero pikirna, “Ambu-ambu, ieu sawah jero kabina-bina caina. Kumaha dialana éta tutut téh? Lamun nepi ka teu beunang, aing éra teuing ku Nini. Tapi éta tutut téh sok dialaan ku jalma. Ah, dék dileugeutan baé ku aing.”
Geus kitu mah Si Kabayan léos ngala leugeut. Barang geus meunang, dibeulitkeun kana nyéré, dijejeran ku awi panjang, sabab pikirna dék ti kajauhan baé ngala tutuna moal deukeut-deukeut sieun tikecebur. Si Kabayan ngadekul, ngaleugeutan tutut méh sapoé jeput, tapi teu aya beubeunanganana, ngan ukur hiji dua baé. Kitu ogé lain beunang ku leugeut, beunang sotéh lantaran ku kabeneran baé. Tutut keur calangap, talapokna katapelan ku leugeut tuluy nyakop jadi beunang. Lamun teu kitu mah luput moal beubeunangan pisan, sabab ari di jero cai mah éta leugeut téh teu daékeun napel, komo deui tutut mah da aya leuleueuran. Di imah ku ninina didagoan, geus ngala salam, séréh jeung konéng keur ngasakan tutut. Lantaran ambleng baé, tuluy disusul ku ninina ka sawah. Kasampak Si Kabayan keur ngaleugeutan tutut.
Cék ninina, “Na Kabayan, ngala tutut dileugeutan?”
Cék Si Kabayan, “Kumaha da sieun tikecebur, deuleu tuh sakitu jerona nepi ka katémbong langit.”
Ninina keuheuleun. Si Kabayan disuntrungkeun brus ancrub ka sawah.
Cék Si Kabayan, “Heheh él da déét.”




Kabayan Jeung Motor Mitoha ..

Sikabayan jeung siiteung jalan-jalan di kampungna tiap pasosore, make motor bapana si iteung .. hiji mangsa kapeutingan .. dijalan aya barudak baragajul kekebutan .. babarengan di tengah jalan .. ari si kabayan jelemana usil pisan .. tetep embung ngelehan kalahkah ngahajakeun malahan kalahkah ngomong "Teung .. (Ka Si Iteung) Ku Akang urang besét tengahna, (katingalina itu lampu aya 2 rerempetan), puguh we barudak teh nyararisi ... Hiji mangsa si kabayan ka kota .. di titah mitohana meuli pupuk .. pas balikna kapeutingan ... pas di jalan gedebojong katingali aya lampu dua rerempetan .. ari sikabayan mikirna arek usil deui .. ngabeset tengahna .. jiga kajadian nu jeung Si Iteung tadi ... bari gugurutu .. "Ku Aing arek di besét deui siah ... ngarah nyararisi" ... terus si kabayan ngebut ... saking ngebutna nancep gas ari pas geus aya 100 m si horeng teh lain barudak keur kekebutan ... tapi Toronton ... Ari sikabayan teh bingung ... arek ngerem hésé arek balik deui hésé .. akhirna .. sikabayan teh baseuh .. da di hudangkeun ku mitohana .. lantaran munding mitohana kabur .. dasar sikabaya kalahkan sare wae ... ( kabayan tukang sare )



Sumber :
Dari berbagai sumber

Jumat, 25 Oktober 2013

Istilah Waktu Dalam Bahasa Sunda

Waktu yang dalam bahasa sunda di sebut wanci hampir sama cuma yang membedakan dalam Adat Budaya Sunda tiap waktu atau jam ada nama istilah nya sesuai dengan kebiasaan sehari-hari kehidupan masyarakat nya.

Ayeuna : Sekarang
Engke : Nanti
Isukan : Besok
Pageto : Dua atau tiga hari yang akan datang
Kamari : Kemaren
Mangkukna : Dua hari atau tiga hari kemaren
Baheula / Bareto : Dahulu
Beurang : Siang
Peuting : Malam
Tengah peuting : Tengah malam kira-kira pukul 24:00
Janari : Dini hari
Corencang tihang : Remang-remang sekitar pukul 5 pagi
Haneut moyan : kira-kira pukul 8:30
Sareupna : Sore menjelang malam (kira-kira jam 6-jam6:30)
Pecat sawed : menjelang tengah hari, biasanya istirahat kerbau membajak di sawah kira-kira pukul 10:30
Manceuran : Tengah hari, matahari di atas kepala
Lingsir panon poe : kira-kira jam 13:00
Hariak layung : Sore-sore sekitar pukul 17:00



Jam Sunda

Kamis, 24 Oktober 2013

Pupujian Atau Nadom Dalam Bahasa Sunda

Masih ingat gak... ? Atau masih suka mendengar tentang pupujian atau nadoman yang sering di lantunkan setelah adzan.......? Nah postingan kali ini saya akan menuliskan tentang Pupujian atau Nadoman dalam Bahasa Sunda, yang sewaktu kecil saya sering melantunkan nya bersama-sama teman di pengajian kalo selesai adzan dan kebanyakan sih sehabis adzan maghrib, yang isinya biasanya tentang ajakan shalat, berbuat kebaikan, dan lain-lain. yuk kita bernostalgia lagi kemasa anak-anak dan inilah nadom nya :




Eling-eling Umat

Eling-eling umat
Muslimin muslimat 
Hayu urang berjama'ah shalat maghrib
estu kawajiban 
urang keur hirup di dunya
kanggo pibeukeuleun 
Urang jaga di akherat
dua puluh tujuh
ganjaran nu berjama'ah
lamun sorangan 
hiji ge mun bener fatihah


Kakuping suara adzan

Kakuping suara adzan 
Di masjid ti kateubihan
Singhoreng teh ngawartosan
Ngajak solat babarengan
Ulah sok solat di imah
Salagi aya masjidmah
Pribumi atawa semah 
hayu urang berjama'ah


Nabi urang Sadayana

Nabi urang sarerea
Kayang Nabi anu mulya
Muhammad jenengannana
Arab kures nya bangsana
Ramana Sayid Abdullol
Ibuna Siti Aminah
Dibabarkeub di Mekah
Wengi senen tauh gajah
Medal Nabi akhir jaman
Pisan-pisan ka anehan
Sesembahan bangsa setan
Kabeh pada raruksakan
Ari bilangan taunna
Lima ratus cariosna
Tujuh puluh panambahna
Sareng sahiji punjulna.




Kanjeng Nabi

Gusti urang sadayana
Kangjeng Nabi anu mulya
Muhammad jenenganana
Arab Qurés nya bangsana

Ibuna Siti Aminah
ramana Sayid Abdullah
dibabarkeuna di Mekah
wengi Senén dinten Gajah

Rabi’ul Awal sasihna
tanggal kaduabelasna
April bulan Maséhina
tanggal kaduapuluhna

Ari bilangan tauna
lima ratus cariosna
tujuh puluh panambihna
sareng sahiji punjulna

Siti Aminah misaur
waktos babarna kacatur
ningal cahya mani ngempur
di bumina hurung mancur

Babar taya kokotoran
orok lir kénging nyepitan
soca lir kénging nyipatan
sarta harum seuseungitan

Keur opat taun yuswana
diberesihan manahna
Nabi dibeulah dadana
Malaikat nu meulahna

Jibril kadua réncangna
Mikail jenenganana
ngeusikeun kana manahna
élmu hikmat sapinuhna

Tuluy dada Kangjeng Nabi
gancang dirapetkeun deui
sarta teu ngaraos nyeri
dilap ku hotaman nabi

Nuju tanggal tujuh likur
bulan Rajab nu kacatur
nurut kaol anu mashur
Kangjeng Nabi téh disaur

Dipapag ku Malaikat
nyandak burok nu kasebat
leumpangna téh cara kilat
tungganganeun Nabi angkat

Ti Mekah ka Bétal Makdis
teu nganggo lami antawis
ku jalma henteu katawis
kersana Gusti nu wacis

Ti Bétal Makdis terasna
naék na tangga kancana
mi’raj téa kasebatna
ka langit Nabi sumpingna

Tujuh langit sadayana
jeung Arasy nu pangluhurna
disumpingan sadayana
katut surga narakana

Kangjeng Nabi ditimbalan
ku Gusti nu sifat Rahman
anjeuna kudu netepan
salat muji ka Pangéran

Kabéh jalma anu iman
sami pada kawajiban
salat nu lima giliran
henteu meunang dikurangan

Salat éta minangkana
dina agama tihangna
jalma nu luput salatna
nyata rubuh agamana

ÉLING-ÉLING DULUR KABÉH

Éling-éling dulur kabéh
ibadah ulah campoléh
beurang peting ulah weléh
bisina kaburu paéh

Sabab urang bakal mati
nyawa dipundut ku Gusti
najan raja nyakrawati
teu bisa nyingkiran pati

Karasana keur sakarat
nyerina kaliwat-liwat
kana ibadah diliwat
tara ngalakukeun solat

Kaduhung liwat kalangkung
tara nyembah ka Yang Agung
sakarat nyeri kalangkung
jasadna teu beunang embung





Di Jero Pakuburan

Allahumma shali wassalim ala
Sayyidina wa maulana muhammadin
Adadama fi'ilmilahi sholatan
Daimatan bida'wami mulkillahi
Dawuh nabi
Ari dina pakuburan 
Eta pasti nalangsa sabab nyorangan
Sareung deui di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan di kubur 
ku maos qur'an
Nu moekan Dikubur
Ku dosa urang





Anak Adam

Anak adam di dunya ayeuna ngumbara
Hirup anjeun di dunia the moal lila
Anak adam umur anjeun teh ngurangan
Saban poe saban peuting di centangan

Anak adam paeh anjeun te nyarengan
Ku anak salaki jeung babandaan
Anak adam paeh eweuh nu dibawa
Ngan asiwah jeung boeh anu dibawa

Anak adam pasaran teu lolongseran
Saban poe saban peting gegeroan
Anak adam ayena kaluar ti imah
Di garotong dina pasaran tugenah

Aduh bapa aduh ema abdi keeng
Rup kapandang rupkutaneh abdi sien
Anak adam di kubur teh poek pisan
Nu nyaangan di jero kubur teh maca quran.





Tobat Dosa

Ila hilas tulil pirdaus si ahlaa
Walaa akwaa alannaril jahiimii
Duh pangeran abdi sanes ahli surga
Namung teu kiat kanaraka teu ka duga
Lain tobat abdi the hampura dosa
Da gusti nu sok ngahampura dosa-dosa.






Do'a Nabi Adam

Robbana ya robbana
Dolamna anfusana
Wailam tagfirlana
Watarhamna lanakulana minal khosirin
Duh gusti pangeran abdi
Abdi dolim kana diri
Pami gusti teu ngahapunteun
Tangtos abdi
Janteun jalmi anu rugi




Abi Milari Pangarti

Abi milari pangarti
Supaya bisa ngabakti
Ka allah pangeran abdi
Nu ngadame diri abdi
Sim abdi hoyong manfaat
Pikeun kasasama umat
Najan di dunia aherat 
Jadi jalma nusalamet
Amal nyantel kana elmu
Amal sepi tina elmu
Ganjaran moal pinemu
Balukarna kengeng bendu





wilujeng.....

Rabu, 23 Oktober 2013

Kata Kata Lucu Bahsa Sunda

Postingan kali ini Kata-kata lucu bahasa sunda :



" Kamu teh jangan pikaseubeuleun wae bisi di gaplok ku taraje "

" Kamu mah tega ngelupain aku da aku teh bukan KORONG yang setelah kamu gali terus di purintil - purintil lalu di susutkeun kana tonggong batur "

" Dewasa itu adalah ketika kita bisa kontrol emosi walau hati ingin gelut papukeut "

" Kukulutus adalah suatu kondisi dimana seseorang sungut nyah muncugug tuluy ngocoblak teu eureun-eureun gara-gara kenyataan tidak tersinkronisasi dengan apa yang di pikahayang "

" Indit demi jajan budak, balik demi indung budak "

" Abdimah jelema alit, sarung oge logor "

" Sareahh sugan mantan putus jeung kabogohna, URANG KEKEAK KU AING "

" Lalaki can bisa di sebutkeun gagah lamun sieun keneh kupamajikan "

" Kata mamah JANGAN kamana-mana bisi aya nu nyulik, SOALNYA SAYA LAGI LUCU-lucuna "

" Udud bari modol adalah hal terindah "

" pasti peurih sih lamun putus, leuwih peurih deui LAMUN PUTUS NA GARA-GARA DI GIWING BABATURAN SORANGAN "

" seginih juga udah UYUHAN "

" Siapa bilang orang sunda gak bisa ngomong F, PITNAH!!!!!!!!!! "

" Terima kasih sayang, kamu selalu ada untukku walaupun sakapeung mineung ngaleungit seperti JURIG!!! "

" Dabdi mah jalmi teu gaduh, gaduh Blackberry oge hadiah tina kopi ABC "

" Ketika cinta sudah melekat Tai ucing ge rasa coklat "

" Keur sangsaramah udud ge nepika ngaduruk pabrik "

" Lain teu hayang lain embung boga mobil teh tapi teu boga duit ker meulina "

" Hayang gaya tapi teu ka beungeutan "

" Dahar heula Besi paeh "

" Lihatlah tetes embun yang NYURUCUD di atas daun dan pohon TING PELENOY tertiup angin yang membuat batin ini NYANGKOYOT dan MELENOY di buatnya. Andai saja sekarang kamu CINGOGO DI GIGIRKU, ohhhh............ betapa BUNGAH KAGIRI-GIRI hati ini dan akan segera ku GABRUG dirimu. "

" Moal ceurik ku cinta kalem wehh da urang mah incu BETMEN "

" Andai saja kabogoh bisa di DOWNLOAD da moal jomblo kieu da "

" KAREK BERES TAPA, INSYAALLAH KUAT NYEURI HATE AYEUNAMAH "

" HANYA KABOGOH BATUR YANG NGERTI PERASAANKU SAAT INI "

" Terkadang di dalam perjalanan yang mulus kita sering tijalikeuh, tapi kita tetap harus maju dan berlari sanajan bari ingked-ingkedan."

" Seuri bari hate nalangsa adalah ciri-ciri jalma anu hebat, kuat tur loba jerawat."

" Cinta nu tulus bersih liribarat kaen sutra nu anyar di keueuman tujuh poe tujuh peuting, sanajan ceuk batur bau tapi ceuk nu resepmah nu penting bersih tur enak ka tempona. "

" Sakabeh perjalanan nu teu di hareupkeun pasti bakal sae dina palebah tung-tungna kitu oge lamunmah keur alus milikna "

" Susah jeung senang dina kahirupan pasti bakal kasorang salagi jasad jeung roh, napel ngahji ibarat gula jeung a misna. "

" Istilah barudak ayeuna teu lepas tina kecap jatuh cinta, numana ngandung harti tut wuri hayandani (hitut nyeri hayang deui). Geus puguh jatuh cinta teh nyeri tapi hayang deui hayang deui."



Perhatosan !
Dilarang cungar cengir sendiri, hawatos hehehehe............




Selasa, 22 Oktober 2013

Nama Nama Bangunan Dalam Bahasa Sunda

Dalam Bahasa Sunda, ada istilah nama-nama bangunan atau tempat. Dan di bawah ini saya tuliskan nama-nama bangunan atau tempat dalam bahasa Sunda :

Puseur Dayeuh = Pusat kota atau alun-alun
Bale Desa = kantor kepala desa
Balé watangan = kantor pengadilan
Bédéng = rumah kecil/rumah yang dipetak-petak untuk pegawai kecil.
Elos = bangunan yang di sekelilingnya biasanya tidak pakai bilik atau dinding, tempat menyimpan bahan-bahan untuk membangun rumah.
Garduh = Sejenis gubuk untuk menjaga keaamanan (pos ronda), biasanya ada di pinggir jalan.
Gosali = tempat bekerja panday (perajin besi)
Imah = bangunan tempat tinggal manusia
Istal/gedogan = kandang kuda
Jobong = kamar atau rumah kecil yang nempel di rumah lainnya.
Jongko/kios = bangunan tempat dagang
Karapyak = kandang kerbau atau sapi
Kobong = kamar yang ukurannya kecil  dan di sekat sekat biasanya di pesantren atau asrama.
Leuit = tempat menyimpan padi
Lio = tempat membuat genteng atau bata
Masigit = masjid
Masjid = tempat shalat.
Masjid agung = masjid besar yang ada kota kabupaten/kotamadya.
Pagupon = kandang merpati
Paranjé = kandang ayam atau itik
Ranggon = saung (dangau) yang kolongnya tinggi; tempat mengintip binatang
Saung = dangau, bangunan kecil di kebun, di huma, di sawah, tempat istirahat petani
Saung lisung = saung tempat menyimpan lisung atau tempat nutu (menumbuk padi)
Sorondoy = bangunan kecil yang ditempelkan di rumah, dipakai menyimpan kayu, perabot untuk bersawah, dsb.
Tampian = tempat MCK
Pacilingan = Tempat buang hajat
Tajug = mushola kecil biasanya tempat nya di dekat air (MCK)


Nama Nama Angota Badan Dalam Bahasa Sunda

Nama - nama angota badan dalam Bahasa Sunda, Karena dalam Bahasa Sunda ada tingkatan - tingkatannya, yaitu leumeus (lembut), Loma (biasa), dan kasar. Karena dalam berbicara itu jangan disamakan semua sama seperti teman sebaya, kepada yang lebih tua harus gimana cara bicaranya, kepada yang lebih muda harus gimana cara bicaranya, intinya kita harus ber-etika dalam berbicara, sesuai dengan jati diri orang sunda yaitu yang sopan, ramah, dan periang. Dibawah ini saya posting nama - nama anggota badan dalam Bahasa Sunda beserta artinya :

Nama - Nama Anggota Badan Dalam Bahasa Sunda

Bahasa Indonesia
Bahasa Sunda
Leumeus(lembut)
Loma (biasa)
Kasar
Kepala
Mastaka
Sirah
Hulu,Babatok
Kening
Taar
Tarang
Tarang
Mata
Soca, Kaseer
Panon
Panon
Pipi
Damis
Pipi
Pipi
Telinga
Cepil
Celi
Jejebir
Hidung
Pangambung
Irung
Irung
Mulut
Baham
Baham
Sungut
Dagu
Angkeut
Gado
Gado
Leher
Tengek
Beuheung
Beuheung
Pundak
Taraju
Punduk
Taktak
Punggung
Tonggong
Tonggong
Tonggong
Perut
Patuangan/Lambur
Beuteung
Beuteung
Pantat
Imbit
Birit
Bujur
Tangan
Panangan
Leungeun
Kokod*
Kaki
Sampean
Suku
Cokor


Selain Angota Badan, ada juga bagian lain dalam tubuh kita yaitu antara lain seperti :

Alis = halis
Bibir = biwir,  lambey
Rambut = Buuk – Ramut
Dengkul = Tuur – tengku
Muka = Beungeut - Raray
Kumis = Kumis - Rumah
Gigi = Huntu - Waos
Lidah = Letah - Ilat
Dada = Dada - Payun
Payudara = Susu - Pinareup
Ketek = Kelek - Ingkab
Udel = Bujal - Udeul
Pinggang = Cangkeng - Angkeng
Jari = Ramo - Rema
Kuku = Kuku - Tangkay
Alatvital = Rarangan
Paha = Pingping - Paha

Betis = Bitis - Wetis