Rabu, 09 Oktober 2013

Kumpulan Pantun Sisindiran Sunda

Pantun atau sisndiran sunda terdiri dari dua bagian yaitu sampiran dan isi. Dan biasanya bersifat nasihat, guyonan dan lain - lain. Pantun lucu pikaserieun kadang jorok, tapi resep. has urang sunda anu cawokah barade yeh ……. cawokah…..hehehehehehehehehehe

Kumpulan Pantun Atau Sisindiran Sunda.


Salawe dua puluh lima
Mobil Sedan Cetna Hejo
Awewe jaman ayeuna
Bisa dandan teu bisa ngejo


Salawe dua puluh lima 

Sayang piit na buruan
Awewe jaman ayeuna 
Hayang .... nu buluan 

Mencit meuri dina rakit

Boboko wadah bakatul
Lain nyeuri ku panyakit
Kabogoh di rebut batur

Caang bulan opat belas

Kacai di tiyung anuk
Aya mojang matak waas
Erloji ge menang nganyuk

Mak tarasi tutung

Keun urang balikeun 
Mak si nyai punung
Keun urang kawin keun

Aya roda na tanjakan 

Katinggang ku pangpung jengkol
Aya randa gogoakan 
Katinggang ku hulu botol

Piring pisin di ragaji 

Colenak di kalapaan
Abdi isin ku paraji
Boga anak euweuh bapaan

Manuk ciung na pisitan 

Buah nangka aratah keneh
Mun dicium kunu kumisan
Sabulan karasa keneh

Aya listrik di masigit

Caangna ka pabrik kina 
Aya istri jangkung alit
Hanjakal teu di calana

Tongeret di baju hejo

Cau amon dua deui
Tong direret tong di tenyo
Kuringmah geus boga deui

Ecet - ecet oet - oet

Ngaronda ngarurek beulut
Kapelet kuring kapelet
Ku randa nu gede hitut

Meulak saledri sareung kangkung

Tangkalna dua ngahiji
Loba istri di tariung
Hanjakal teu bisa ngaji

Ngala saga sisi huma

Di samberan ku waliwis
Tiis raga tiis sukma
Lantaran jadi kanu geulis

Suwangkung ulah di humbut

Pikeun tihang papanjangan
Nu jangkung ulah sik imut
Bilih kuring ka edanan

Ninyuh ubar ku cipati

Di wadahan piring geulas
Anu sabar eta pasti
Ku allah di pikawelas

Papan kiara di tatah

Iraha jadi lomari
Mun bisa miara letah
Mokahna salamet diri

Jeruk purut Cikaruncang

Jambu aer wanayasa
Camerut hayang ka bujang
Susu laer teu karasa

Cau kepok keur rumegang

Dieunteupan bonol hejo
Keur dekok katamah egang
Ditambah olol leho

Ngala tutut ka talaga

Alat na pacul ayakan
Kitu patut hayang ka surga
Solat nage eulateulatan

Kamana jalan ka jogja

Kaditu ka palih wetan
Kamana jalan ka surga
Kaditu kapangaosan

Lauk emas dina ganggeung

Disameran kujapati
Boga emas moal langgeung
Teu cara boga pangarti

Meuli daging ka ciawi

Jalan na ka singaparna
Judang jeuding kasalaki
Teu di bere eusi calana

Hanyakal ngadu kaleci

Liang beulut ngagedean
Hanyakal boga salaki
Liang .... ngageudean


Sok hayang ka kadipaten
Meuli bandeng salawean

Sok hayang jd panganten
Ngarah mineng ganti pakean

Salawe dua lima
Sate kodok dI colok-colok

Awewe jaman ayena
Make anderok pa pondok-pondok

Majar maneh cengkeh koneng
Kulit peuteuy dina waru
Majar maneh lengkeh koneng
Kulit beuteung meuni nambru

Aya jalma teu boga alis
Sabab getol dikerokna
Neng geulis tong gumeulis
Sabab rujit katenjona

Hoyong teuing angen waluh
Angeun waluh di surawungan
Hoyong teuing geura wawuh
Tos wawuh rek di tepungan

Boboko ayakan petot
Papais teu di bitingan
Kabogoh kuring anu peot
Di ais kalah ngisingan…..

Ngala eurih ngala eurih
Sapoe meunang sadapur
Nyeuri peurih nyeuri perih
Awewe kuring d rebut batur..

Kaso pondok matak nyogok
Kaso panjang matak nyugak
Anu pondok jadi orok
Anu panjang jadi budak

Aya huma dekeut situ
Eta huma nu bogana randa
Naha urang sunda teh kitu
Alim nyarios ku basa sunda


Ka Pasteur Jalan Dr. Junjunan
Balik gawe naek jalan layang
Aduh Lieur ngabandungan
Boga awewe loba kahayang

Cing cangkeling
Pais lele di surawungan
cing nyai cicing
urang cium lalaunan

Meuli kantong anu hideung

Mani sae katingalna
Bae teuing urang hideung
Nu penting alus ahlakna

Ayeuna usum paceuklik
Ngan osok ka selang hujan
Si fachrul awakna leutik
Siga tuyul di pancoran

Pekalongan kota batik
Alusna ka bina-bina
Bae teuing urang leutik
Nu penting pinter otakna

Pita naon pita naon
Pita hideung na kalapa
Eta naon eta naon
Anu kembung dina dada??

Manuk ciung meni umpak
Di oyag oyag ku beurit
Hayang nyium bari numpak
Bari ngoyag ngoyag birit,

Kacang etek kacang etek
Ngukuy belut d walungan
Akang getek akang getek 
Geura cabut lalaunan

Kacai jadi salewi
Kadarat melak jambu bol
Kaduhung boga salaki
Nangkarak di geol geol….

Cai limun dina papan catur
Buah kadu na buruan
Lamun hayang loba batur
Kudu akur jeung babaturan

Bangbara dina bangbarung
Kulit munding kahujanan
Sangsara di jero padung
Gulang guling ngan sorangan

Kapinis di adu layung
Macokan kembang kalapa
Nu geulis tara di tiung
Durukeun seuneu naraka

Jalan jalan ka kota bogor
Tong poho meuli batagor
Aya naon di jeuro kolor
Hiji pestol dua pelor

Are - are daun pare
Sayang manuk di buruan
Awewe teu daek sare
hayang manuk nu buluan


Lamun maneh boga keris
Sok paehan luak hiu
Lamun maneh bisa basa inggris
Sok naon artina LOVE U

Nendeun siwur luhur sumur
Nuna batok waah gula
Rejeung batur kudu akur
Ulah osok parasea…

Saninteun buah saninteun 
Saninteun di parapatan
Hapunteun abi hapunteun
Bilih aya kaleupatan

Kaso ponok kaso panyang
Kaso ngarumay ka jalan
Sono monok sono nganyang
Enying ge bakal pateupang

Lantera -lampu lantera
Di kumbah di bersihan….
hampura atuh hampura…
jorok oge da sisindiran 



Tidak ada komentar:

Posting Komentar