Jumat, 04 April 2014

surat

Surat /Serat nyaéta alat komunikasi anu ngagunakeun basa anu sifat na tertulis ti hiji pihak ka pihak anu sejenna, sangkan informasi atawa warta bisa katarima ku nu maca. Ti jaman baheula nepi ka ayeuna jalma teu bisa leupas tina kapentingan jeung jalma lian boh nu aya di sabudeureunana, boh nu aya di jauhna.Ngaliwatan surat, sagala béwara, pernyatan, katerangan, pameredih, laporan, jeung pamondah bisa gampang kaharti maksudna.jaman baheula mah wangun surat kacida basajanna, boh cara nulisna, boh cara ngirimkeunana. Sok sanajan ayeuna alat komunikasi geus sakitu majuna saluyu jeung kamajuan teknologi, peranan surat angger dipikabutuh.

Fungsi Surat :

1.    Sarana komunikasi.
2.    Wawakil atawa duta
3.    Barang bukti anu kuat
4.    Sumber data
5.    Sarana pangéling-éling
6.    Jaminan
7.    Média anu ngiket anu mibanda kakuatan hukuum
8.    Alat promosi.

Jenis Surat
1.    Surat kulawarga: sipatna pribadi atawa kakulawargaan dina hirup kumbuh sapopoé saperti antara sobat jeung sobat, anak jeung kolot, lanceuk jeung adi.
2.    Surat Niaga: ditulis ku jalma anu bagerak dina lapangan buniaga jeung pausahaan, eusina ngeunaan buniaga.
3.    Surat Dines,ditulis ku lembaga/ instansi pamaréntah/ swasta, eusina ngeunaan kadinesan jeung sagala formalitasna.
4.    Surat Organisasi, ditulis ku organisasi anu sipatna merjuangkeun gagasan organisasi.


Bagian-bagian Surat

1.    Puhu Surat,nuduhkeun idéntitas lembaga/ organisasi, biasana biasana dikaluarkeun ku lembaga, pausahaan, organisasi/ instansi.
2.    Tempat jeung Titimangsa, tempat nuduhkeun lokasi nalika nulis surat, titimangsa nuduhkeun tanggal nalika nulis surat.
3.    Nomer Surat, dicantumkeun sangkan gampang nalika sawaktu-waktu dibutuhkeun.
4.    Lampiran, nuduhkeun dokumén anu dihijikeun kana surat.
5.    Hal, poko eusi surat
6.    Alamat, dimimitian ku kecap kahatur.
7.    Salam bubuka, kalimah bubuka minangka panghormat di awal surat.
8.    Paragraf bubuka, saméméh asup kana inti pasualan, minangka panganteur kana inti.
9.    Eusi Surat, masalah poko dina surat.
10. Panutup, ahir surat anu sipatna harepan, paneges tur aya hubunganana jeung sopan santun.
11. Salam Panutup
12. Tanda tangan
13. Tembusan, pikeun ngagampangkeun pamariksaan lamun aya pihak séjén anu aya patalina jeung éta surat.