Selasa, 10 Desember 2013

Lirik Lagu Darso - Kahayang Keukeuh

Kahayang Keukeuh

Mimitina iseung ku resep ngaheureuyan
Geugeut ka gelisna geureugeut kana bodi na
Tina iseung kalah manteung tina heureuy asup kana hate
Tung-tungna kuring bebeakan

Nga belaan ngayuk ngahutang mahugi hayang kapake
Lineuk-lineuk japati rek di cium mah hararese
Usaha anu can hasil kaburu beak modalna
Rek ngalamar teu boga duit

Reff//

Kuring nu ngoleang manehna kabandang batur
Cinta nu kapakan hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal manehna kawin jeung batur
Hate anu peurih ceurik ceurik ku nalangsa

Duriat pageuh kahayang keukeuh
Ngalamun teu paruguh nunggu randana


Tidak ada komentar:

Posting Komentar