Senin, 09 Desember 2013

Lirik Lagu Darso - Mawar Bodas

Mawar Bodas

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji leumur
Heunteu karasa capena
Sabab aya nu di teang

Hujan angin dor dar geulap
Taya teumpat keur ngiuhan
Sanajan awak rancucud
Teu paduli kajeun teuing

Nu peunting mah asal nepi
Kateumpat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugantemah moal gagal
Keumbang ges aya nu boga
Balik teh asa hoream
Leumpang ge asa ngalayang

Reff//
Teu kasawang ti anggangna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeuri hate
Hoream teu sudi teuing

Neangan pi panyakiteun
Neangan pi panyakiteun

balik ka reff//

Tidak ada komentar:

Posting Komentar