Selasa, 10 Desember 2013

Lirik Lagu Darso - Halangan Diri

Halangan Diri

Na ku naon sagala rupa
Ngan aral gagal jeung gagal
Soal cinta jeung usaha
Kandas pamaksadan

Kamudahan beut ngabalier
Kalapangan naronggongan
Paruntungan lumpat ngajauhan
Naha, naha ku naon

Boa, boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Kajongjonan, kangeunahan
Ngumbar-ngumbar larangan

Boa, boa halangan diri
Nu mangrupi dosa-dosa
Nu ngajajar mani panjang
Sapanjang jalan kareta

Aduh gusti...aduh gusti...
Kumaha ngentengken nana
Aduh gusti... aduh gusti...
Kumaha ngabebasken na

Panon cireumbay mapay-mapay pipi
Ragragan kana sajadah
Ngingeut-ngingeut laku lampah
Ninggang salah jeung salah

Hate anu peurih, hate nu ngajeurit
Kabeulit ku dosa-dosa
Biwir nu ngageuteur ngeudalkeun rasa jiwa
Ampun, ampun duh gusti...


Tidak ada komentar:

Posting Komentar