Jumat, 13 Desember 2013

Istilah tempat Dina Bahasa Sunda

ALUN-ALUN : tanah lapang (hareupeun kacamatan, kabupatén, masjid agung, jsb)
BABAKAN : lembur anyar
BABANTAR : lebah walungan anu léah sarta déét
BASISIR : Sisi laut anu loba keusikna
BOBOJONG : jojontor tanah anu nyodor ka cai (biasana di sisi walungan)
BUBULAK : sarupa tegalan, tanah nu pinuh ku jukut nu aya di lamping gunung atawa di pasir
BURUAN : tempat anu lega di luar imah
DUNGUS : runyuk, rungkun, gundukan tatangkalan laleutik nu rada rembet.
GEREMBEL: Kumpulan tatangkalan nu rada rembet, tapi teu biasa dipake nyumput sasatoan
GUPITAN
 : Jalan heureut (sarupa jalan satapak) antara dua lamping
HUNYUR
 : Imah rinyuh atawa taneuh nu mucunghul, pasir leutik
HUM
A : Sawah darat, kebon nu dipake melake par tur tara dikocoran ca
JALAN HUNI
 : Lolongkrang tincakkeun antara pepelakan di kebon
JALAN JAJAHAN
 : Jalan gedenu bisa dipaké ngaliwat kandaraan
JALAN SATAPAK
 : Jalan nu ngan bisa diliwatan ku jelema
JONTOR
 : Taneuh anu nyodor ka laut
JUNGKRANG
 : Legok anu jero sarta gurawes 
KUBANGAN
 : Tempat nu ledok (biasana di sawah atawa di balong) paranti mandi munding
KAMALIR 
: Jalan cai leutik
KOBAKAN
 : Lobang di tegalan anu aya caian

KOLOMERAN : tempat cai ngalir di buruan nupas hanapeun tungtung suhunan
KEREES : Tempat di sisi walungan anu réa keusikan
KEBON 
: Taneuh darat nu dipake melak rupa-rupa pepelakan

LAMPING  : Tempat di gunung antara puncak jeung tutugan
LANDEUH : Taneuh atawa tempat nu leuwih handap ti tempat urang cicing
LEBAK
 : Tempat nu leuwih handap

LEGON : lebah basisir nu ngelok ka darat, sarupa teluk ngan leuwih leutik
LEMBUR : kampung, tempat padumukan jelema nu réa imah
LENGKONG : Tempat legok jeung jero di antara dua lamping
LEUWEUNG : reuma, rimba, ruyuk anu leuga
LEUWI : tempat anu jero dina walungan
MONGGOR/MOMONGGOR : sarupa pasir ngan leuwih handap tur leuwih leutik
MUHARA/MUARA : tungtung walungan di hilir, tempat patepungna walungan jeung laut atawa walungan leutik jeung walungan gedé
MUMUNGGANG/GEGER : lebah gunung nu pangluhurna (tonggong gunung)
PASIR : gunung leutik sarta handap
PEUNCUT : sarupa jeung pasir tapi leuwih handap
REUMA : tanah darat urut huma
RUYUK : kumpulan tatangkalan laleutik anu aya deukeuteun lembur
RORAH : cai ngocor, sarupa jeung susukan, ayana di leuweung
SABANG : tanah darat nu dihapit ku dua walungan
SAMPALAN : tegal di tengah leuweung tempat nyatuan sato jarah
SITU : sarupa jeng balong ngan leuwih gedé, leuwih lega (biasana walungan nu dibendung sok ngajangélék jadi situ)
SOMANG : jurang gurawés sarta jero
SUSUKA : jalan cai ker nyaian sawah
TALAGA : liang cai anu gede 
TANJUNG : jojontor, tanah nu nyodor ka laut
TARIKOLOT : tempat urut lembur / kampung anu tos teu di tempatan 
TEGALAN : tanah lega tur rata nu sabagian gedé pinuh ku jukut wungkul
TELUK : basisir nu ngelok ka darat
TEPIS WIRING : sesebutan séjén pikeun pasisian atawa pilemburan
TETELAR : tanah datar di tengah sawah nu henteu kahontal ku cai, sok dipaké ngangon
TONGOH : tempat anu leuwih luhur
TUTUGAN GUNUNG : gunung beulah handap (suku gunung)
WAHANGAN : walungan, ngocor caina gedé ti girang ka muara