* Ulah sok ngomong hirup ieu keras, eta ngabuktikeun yen anjeun teh leumah...!!!!
* Kamajuan Dunya kudu di barengan ku motekar akal jeung langkah nu basajan, langkah meureunah kahirupan barokah!.
* Sing percaya kana diri, nu dianti pasti ngawujud bukti, asal usaha jeung percaya kanu maha Suci.
* Aya kahayang bari jeng teu di bareungan ku usahamah sarua jeung ngabodor.
* Allah mah ngan saukur ngacumponan kanu ngadu'a sareng nu ikhtiar.
* Pagawean anu di laksanakeun kalayan jeung hate pasti ngahasilkeun anu alus.
* Ulah hayang nyerah tina kagagalan mah, kagagalan oge teu daek nyerah ngagagalkeun artanjeun.
* Tong tungkul teuing ka akherat, tong tangah teuing ka alam dunya.
* Salila anjeun yakin moal aya anu mustahil. kudu percanteun diri! Anjeun langkung hebat ti anu anjeun pikirkeun.
* Lain sabar namina lamun masih aya batas na, lain ka ikhlasan namina lamun masih keneh ngaharepkeun sersuatu.
Mudah-mudahan tiasa di alap manfaatna
Sabtu, 28 Desember 2013
Warna Dalam Bahasa Sunda
Dalam setiap bahasa pasti ada istilah warna, Pada dasarnya warna terdiri dari warna primer,sekunder, dan warna tersier. Istilah warna dalam Bahasa Sunda memiliki makna tertentu, dalam kehidupan sehari-hari dan biasanya suka dikombinasikan dengan alam atau sekitar dalam cara penyebutan warna itu sendiri, misalnya terlihat pada penggunaan warna dalam ungkapan dan peribahasa juga terdapat kosakata warna misalnya ungkapan ‘hejo tihang’ tiang hijau bermakna orang yang selalu berpindah tempat tinggal atau pekerjaan, hijau dalam ungkapan itu bermakna negatif. Atau dalam peribahasa ‘clik putih clak herang’ hati yang tulus ikhlas. Putih dalam peribahasa tersebut mengacu pada hal yang positif. Warna dalam bahasa sunda juga mengacu pada bendanya langsung, misalnya ‘megantara’ warna untuk kuda yang berwarna hitam mengkilat (sangat hitam) atau misalnya warna ‘cadramawat’ warna kucing yang berbulu tiga warna
Macam - Macam Warna Dalam Bahasa Sunda :
Biru = Biru
Bungur, Gandaria = Ungu
Bodas = Putih
Hejo = Hijau
Hideung = Hitam
Koneng = Kuning
Kayas = Merah muda atau Ping
Kulawu = abu-abu
Kopi / Coklat = Coklat
Gradasi warna
Untuk menggambarkan gradasi warna kata warna (KW) dapat digabungkan dengan posposisi, preposisi atau modalitas, diantara sebagi berikut ;
- ‘kolot’ tua, (beureum kolot, merah tua)
- ‘ngora, muda (‘hejo ngora’ hijau muda ) kecuali untuk hitam tidak ada * hideung ngora , hitam muda’
- Saulas ‘agak’ (‘beureum saulas’ agak merah)
- ‘Pisan’ sangat (hideung pisan ‘sangat hitam)
- ‘Naker’ sangat (‘bodas naker’ sangat putih)
- ‘Rada ‘ agak (‘rada hejo’ agak hijau)
- ‘Kudu’ harus (‘kudu koneng’ harus kuning)
- ‘Henteu’ tidak (‘henteu hideung’ tidak hitam
- ‘Rada leuwih’ agak lebih ( ‘rada leuwih bodas’ agak lebih putih)
Susunan Warna atau warna tersier yaitu warna pokok yang di kombinasikan dengan lingkungan alam sekitar.
1) Nada warna ke arah merah atau kemerahan dan kuning :
- Beureum
- beureum cabe
- beureum ati
- kasumba
- kayas
- gedang asak
- gading
- koneng
- koneng enay
2) Nada warna ke arah biru atau kebiruan dan hijau :
- hejo
- hejo pucuk daun
- hejo lukut
- hejo ngagedod
- hejo paul
- gandaria
- gandola
- bulao saheab
- pulas haseup
- bulao
3) Nada warna yang tidak termasuk ke dalam dua kelompok terdahulu :
- bodas
- hideung
- borontok
- coklat kopi atau pulas kopi, kopi tutung
- candra mawat
- bulu hiris
- bulu oa : dawuk, hawuk, kulawu, pulas lebu
Jumat, 27 Desember 2013
Rupa-rupa Kadaharan Khas Sunda
Rupa-rupa kadaharan anu aya di daerah pasundan anu ayeuna mah tos jarang ayana, paling aya lamun dina hajatan, diantara kadaharan urang sunda diantarana nyaeta :
Ali Agrem
nyaeta Kueh tradisional, dijieun tina adonan beas jeung santen sarta gula kawung (gula arén). Bentukna buleud, tengahna bolong kawas ali (cingcin). Gedéna méh sarua jeung kuéh donat (rada leuwih leutik). Rasana méh sarua jeung kuéh cuhcur jeung kuéh burayot. Ni'mat saupama diopi atawa dicaneut jeung cikopi atawa cienteh haneut.
Apeum
Nyaeta kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. cara ngolahna ku cara di sepan dina katel diwadahan kana loyang.
Awug
nya éta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum,kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu kusabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung . Awug ogé bisa disebut tipung beasanu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud Adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum.
Burayot
Ceprus
Karedok
Nyaeta mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan - bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeng terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem, gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun.
surabi atawa serabi
nyaéta olahan tina tipung beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun ngagunakeun maké suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom. Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun Aya ogé anu dicampur jeung gula beureum maké cipati (santen). Samalah kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jeng nu sejena, ti éta, sok sanajan, cara nyieunna mah sarua baé
kadaharan anu liana :
Ali Agrem
nyaeta Kueh tradisional, dijieun tina adonan beas jeung santen sarta gula kawung (gula arén). Bentukna buleud, tengahna bolong kawas ali (cingcin). Gedéna méh sarua jeung kuéh donat (rada leuwih leutik). Rasana méh sarua jeung kuéh cuhcur jeung kuéh burayot. Ni'mat saupama diopi atawa dicaneut jeung cikopi atawa cienteh haneut.
Apeum
Nyaeta kadaharan anu bahan dasarna tina peuyeum sampeu. cara ngolahna ku cara di sepan dina katel diwadahan kana loyang.
Awug
nya éta kadaharan khas urang sunda anu dijieunna tina tipung beas, tipung ketan, gula beureum,kalapa parud jeung bentukna krucut. Baheulana mah dijieunna dina pas usum panén hungkul tapi kiwari mah tos henteu. Jalma anu di luar sunda ogé mikaresep kana dahareun ieu kusabab ngeunah jeung rasana unik kadang mah sok dibawa pikeun oleh-oleh ti Bandung . Awug ogé bisa disebut tipung beasanu dilapis-lapis ku gula beureum daharna dibeulahan siga meulahan roti terus dipurulukan ku kalapa parud Adonan tipung béas anu diseupan bareung jeung gula beureum.
Burayot
Burayot dijieun tina gula beureum jeung tipung béas pinilih, bahan jeung rasa sarua jeung kadaharan khas daérah lainna nyaéta ali agrem, tapi kusabab dijieunna bunder atawa ngaburayot, numatak dibéré ngaran burayot. Dahareun ieu loba dijieun ku masarakat Garut utamana Lélés, sabab bahanna gampang jeung rasana anu ni’mat.
Kadaharan ieu ayana ngan di daerah kuloneun kota Garut. Ceprus nyaéta sampeu anu dibeuleum panas diasupkeun kana gula beureum anu geus dipanaskeun (kinca), dahareun ieu kaasup langka sabab ngan nyampak di tempat anu ngolah husus aya gula beureum asli tina tangkal kawung.
Cilok atanapi aci dicolok 3
nyaéta kadaharan asli ti Sunda. Dijieunna tina tipung aci wungkul atanapi dicampur sareng tarigu teras dicampur cai tuluy dikulub. Jang nambah kanu rasa, umumna adonanna ditambahan bungbu, bisa ogé uyah hungkul.
Aya deui istilah anyar cilok gaul, nyaeta cilok anu aya eusina. Eusina bisa rupi-rupi, misalna: abon, sosis, gajih, urat, enog puyuh, jeung sajabana.
Cilok biasa didahar jeung sambel kacang sareng kecap.
Ciréng kapondokan tina aci digoréng,
nyaéta kadaharan nu ilahar di Sunda , dijieun tina aci sampeu, di bumbuan, tuluy digoréng.
Comro atawa combro
nyaéta kadaharan has ti jawa kulon ( jawa barat ). Comro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk buleud atawa lonjong anu bagian jerona dieusian sambel oncom nu saterusna digoréng, mangkana kadaharan ieu dingaranan comro anu mangrupa singketan tina oncom di jero. Kadaharan ieu leiwih ngeunah lamun didahar waktu haneut kénéh.
Dodol
nya éta jawadah nu liket jeung dalit pisan.Dodol Garut mangrupa salasahiji kadaharan tradisional sarta hiji komoditas nu bisa ngangkat ngaran Garut salaku kabupatén produsén dodol nu miboga kualitas luhung, alus sarta dodol nu dihasilkeun ogé kacida loba rupana Dodol garut ogé geus kasohor kamana-mana lantaran rasana nu béda jeung dodol nu sarupa ti daérah lianna. Industri dodol di Garut mimiti mekar ti taun 1926 ku Ibu Karsinah ngaliwatan prosésna nu kawilang basajan pisan nu satuluyna terus mekar nepi ka kiwari.Hal éta alatan:
- Ngabogaan rasa nu béda sarta miboga kaleuwihan dibandingkeun dodol ti daérah nu séjénna.
- Hargana murah bisa kahontal ku sakumna masarakat sarta mangrupa kadaharan nu kawilang dipikaresep ku masarakat.
- Cara nyieunna kawilang basajan sarta bahan-bahanna ogé gampang ditéanganana.
- Henteu ngagunakeun bahan pangawét jeung panambah kadaharan lian nu sipatna sintetis.
- Ngabogaan kakuatan nu kawilang lila kurang leuwih 3 bulan.
Ieu komoditi gampang pikeun dimekarkeunana ku cara ngaréka bahan bakuna nya éta ngamangfaatkeun bahan lain saperti waluh,kentang, kacang, gedang, ganas, sirsak jeung réa-réa deui.Salian ti éta, pamaréntah daérah ogé milu ancrub dina pemasaranngaliwatan paméran-paméran, ogé ngaropéa kualitas produk dodol nu geus dipasarkeun
Dodongkal
nyaéta kadaharan has ti Jawa Kulon, nyaeta di sabudereun tatar Sunda. Dodongkal dijieun tina tipung beas dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa. Ngasakanana nyaéta diseupan, mun geus terus dipotongan pasagi, dipurulukanku kalapa meunang marud jeung wadahna ku daun cau. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didaharna isuk-isuk. Biasa kadaharan ieu disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jeung sajabana.
Karedok
Nyaeta mangrupakeun kadaharan khas Sunda anu bahan - bahan na tina sabangsaning bonteng, engkol, kacang panyang, surawung, toge, jeng terong, sedengken sambel na cengek, suuk, muncang, asem, gula. anu di renos dina coet sakabeh bahan na dihijikeun.
Katimus
nyaéta kadaharan has ti daerah jawa barat, nyaeta di sabudereun tatar Sunda. Katimus dijieun tina parudan sampeu dicampur gula beureum, naha rék gula kawung atawa gula kalapa anu dibentuk paranyang dibungkus ku daun cau. Ngasakanana nyaéta diseupan nepika keun geunyal, cirining éta katimus téh geus asak. Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun ngadaharna dibaturan ku Bajigur. Biasa kadaharan ieu disuguhkeun dina acara tahlilan, muludan, jeung sajabana.
Koci
nyaéta hiji katuangan nu ilahar kapendak di wewengkn pulo Jawa, didamelna tina ketan nu aya eusian tina parudan kalapa sareng Gula Beureum atanapi campuran kacang hejo sareng gula beureum, dibungkus daun cau. Di Madiun Jawa Timur, koci katelah mbel-mbelan.
Kurupuk
(Ind. kerupuk; Ing. crackers) nyaéta salah sahiji jeniskadaharan jajanan (snacks). Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun "beurat" séjénna (hucap, baso, lotek, jrrd.).
(Ind. kerupuk; Ing. crackers) nyaéta salah sahiji jeniskadaharan jajanan (snacks). Najan kitu, di sababaraha wewengkon, utamana di Tatar Sunda, kurupuk biasa dijadikeun batur dahar, boh dahar sangu atawa dahareun "beurat" séjénna (hucap, baso, lotek, jrrd.).
Bahan dasar kurupuk biasana sabangsaning tipung nu diadon jeung cai tur bungbu atawa rasa nu dipikahayang nepi ka dalit, diseupan, tuluy ditiiskeun. Bahan satengah jadi ieu tuluy dipotongan atawa dicitak sakumaha bentuk nu dipikahayang (buleud, rungga-renggi, atawa kotak), digaringkeun pikeun engkéna digoréng maké lisah kalapa atawa disangray.
Rupa-rupa kurupuk, Sababaraha jenis kurupuk nu loma aya di Tatar Sunda di antarana:
- Kurupuk aci: kurupuk pangkawentarna di Tatar Sunda alias kurupuk standar kulantaran murah. Dijieun tina aci sampeu. Biasana bentukna buleud jeung warnana bisa macem-macem sanajan warna panglomana mah bodas. Ieu kurupuk teu pati kuat dina rasa, meureun kulantaran cara nyieunna nu teu ngagunakeun bungbu.
- Kurupuk kulit (rambak, dorokdok): Kurupuk nu loba dijual di wewengkon Cirebon-Indramayu, dijieun tina kulit sapi. Rasana gurih deukeut ka asin tur boga ciri has sok léngkét na létahbari jeung méré "sensasi" tingbeletok. Puseur industrina aya ogé di Garut.
- Kurupuk malarat/mlarat: Kurupuk ieu ogé loba dijual di wewengkon Cirebon jeung salah sahiji oleh-oleh dahareun nelah ti Cirebon. Sawatara jelema nyebutkeun yen ngaran kurupuk Mlarat teh diturunkeun ti na kecap "malarat" (melarat; B. Indonesia) nu artina sangsara ku dunya. Bisa jadi ieu teh dihubungkeun ku cara nyieunna nu henteu digoreng ku lisah atawa peletik tapi disangray make keusik panas. Bahan dasar kurupuk ieu sarua jeung kurupuk sejen nyaeta aci. Nu ngabedakeun krupuk ieu dina ngasakeunna nu henteu digoreng make minyak tapi disangray dina keusik panas. Biasana bungbu karek dibalurkeun sabada kurupuk asak. Warna nu loma beureum, bodas, jeung konéng. Di daerah asalna, sabungkus kurupuk mlarat diregaan 3.000-3.500 rupiah.
- Kurupuk bondon: warnana beuruem lada tapi kacida nikmatna.
- Kurupuk hurang: dijieun make bahan dasar hurang
- Kurupuk jengkol: dijieun make bahan dasar jengkol
- Kurupuk gendar: dijieun make bahan dasar gendar
- Kurupuk Solondok: dijieun tina bahan dasar sampeu, rasana aya nu asin semu amis, aya nu lada. Séntra produksina loba di daérah Kabupaten Magelang, ari nu ngicalna mah di Bandung ogé seueur.
Kurupuk lianna
- Kurupuk gadung: didamel tina gadung
- Saroja
- Kurupuk jaat: dijieun tina jaat
- Ér'o (Rangginang oyek)
- Kurupuk oyek:
- Opak Didamel tina beas ketan.
- Kicimpring (di sababaraha wewengkon diseut ogé beca):didamel tina sampeu
- Rangginang (raginang, ranginang): didamel tina beas ketan.
- Kurupuk édun: kurupuk beureum jeung lada kabeuki barudak sakola
- Kurupuk rorombeheun: rupana bareulah jiga dampal suku nu rorombeheun, tapi nikmatna kacida luar biasa.
- Rempeyek (atawa "goréng kacang"): dijieun tina tipung beas nu diabrukan suuk atawa kacang kadele tuluy digoreng.
- Emping, tina tangkil, kadang-kadang aya oge tina sampeu
- Lagenar : di damel na tina sangu anu di garingkeun, tuluy di tutuan cara nyieun opak,
Misro
nyaéta kadaharan has ti jawa kulon ( jawa barat ). Misro dijieun tina parudan sampeu anu dibentuk lonjong sarta bagian jerona dieusian gula beureum nu saterusna digoréng, alatan éta pisan dingaranan Misro anu mangrupa singketan tina amis di jero (basa Sunda). Kadaharan ieu leuwih ngeunah lamun didahar mangsa masih kénéh haneut.
Ondé atawa ondé-ondé
nyaéta ngaran kadaharan anu rasana amis, dijieun tina tipung ketan anu dibuleud-buleud. Di jerona dieusian ku enten atawa kacang hejo, tuluy dipuih-puih di luhureun siki wijén, nepi ka éta siki wijén téh napel minuhan bagian luarna, sanggeus kitu digoréng
Papais
nyaèta hiji nami katuangan anu didamel tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah, di tengah-tengah papaisna aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna. Papais amis jiga kieu, sering disebut oge nagasari.
nyaèta hiji nami katuangan anu didamel tina tipung bèas. Papais aya nu asin jeung aya oge nu semu amis. Papais asin mah biasana tara aya eusian, tapi papais nu teu amis teuing, mung semu amis mah, di tengah-tengah papaisna aya potongan cau, biasana mah cau nangka atawa cau sejenna gè sok dianggo. Terus ditèmpèlan daun pandan saalit ditengahna, nu ngajadikeun seungit kana papaisna. Papais amis jiga kieu, sering disebut oge nagasari.
Papais sok disuguhkeun dina acara-acara raramèan, sapertos hajat nikah, Nyunatan, Tahlilan, Muludan, Rajaban, jeung sajabana. Tapi sok aya ogè anu jualan èta katuangan, umumna mah nu sok masih kènèh ngadamelan èta papais tèh ayana di pilemburan.
Peuyeum
peuyeum sampeu |
peuyeum ketan |
Nyaeta kadaharan anu di jieun tina sampeu atawa beas ketan. Cara ngolahna di sepan (kukus) terus di ragian sangges di ragian tuluy di bungkusan ku daun waru atawa daun tisuk, lamun peuyem ketan biasana di bungkusna ku daun muncang atawa daun hangasa, tuluy di simpen kira-kira 2 poe. nikmat di daharna dina wanci panas atawa tengah poe.
Rangginang ( raginang, ranginang),
mangrupakeun kadaharan nu kasohor di Indonesia. Teu sirikna di unggal wewengkon, utamana di Pulo Jawa, miboga kamonésan ranginang gumantung wewengkonna masing-masing.Rangginang bisa didahar langsung, minangka susuguh keur semah boh di imah atawa dinukariaan, atawa bisa oge keur dengeun sangu. Keur didahar langsung, cocog lamun rangginang didahar jeung cikopi.
Rujak
Kadaharan lada nu dijieun tina rupa-rupa bungbuahan ngora atawa beubeutian. Bungbuahan jeung beubeutian nu dijieun rujak biasana buah ngora, balingbing, bangkuang, jeng sajaban. Nyieunna mah kawilang babari. Rupa-rupa bahan nu disebut di luhur dikeureutan. Bungbuna kayaning asem, cengek, cabe, jeung gula beureum diréndos dina coet. Rujak kawas kieu disebut rujak uleg. Ilaharna didahar pabeubeurang babarengan. Aya ogé rujak nu ngahaja dijieun dina acara husus anu disebutnababarit, rujakna disebut rujak kanistren. Aya ogé rujak anu bungbu, bungbuahan, jeung beubeutian dibebek babarengan, disebutna rujak beubeuk.
Sambel
mangrupakeun deungeun/réncang sangu tradisional masarakat Malayu (kayaning di Indonesia, Malayasia, Singapura) dina wujud kawas saos anu eusina salawasna maké cengek atawa cabe, sahingga rasana condong kana lada. Bentuk saos ieu dihasilkeun tina cara nyieunna, nyaéta ku jalan diréndos dina coet, maké mutu. Gumantung kana bahan jeung cara nyieunna, nya sambel téh aya sababaraha rupa. Di masarakat Sunda, aya sababaraha rupa sambel, di antarana,
- Sambel goang
- Sambel tarasi
- Sambel oncom
- Sambel Jahe
- Sambel kecap
- Sambel muncang
- Sambel kacang
- Sambel picung
- Sambel goreng
- Sambel tomat, jeng sajabana.
surabi atawa serabi
nyaéta olahan tina tipung beas nu sanggeus diuyahan jeung parudan kalapa diasupkeun kana citakan tina taneuh nu dipanaskeun ngagunakeun maké suluh. Sakapeung di luhurna dipurulukkan oncom. Biasana dijual di sisi jalan isuk-isuk keur opieun Aya ogé anu dicampur jeung gula beureum maké cipati (santen). Samalah kiwari mah surabi téh geus rupa-rupa rasana, saperti keju, stoberi, coklat, jeng nu sejena, ti éta, sok sanajan, cara nyieunna mah sarua baé
kadaharan anu liana :
- Pistung (pais jantung)
- Bobongko
- Lotek
- Cuhcur
- Kemang pala
- Keremes
- Bugis
- Wajit
- Kolontong
- Gula katingker
Langganan:
Postingan (Atom)