Selasa, 10 Desember 2013

Lirik Lagu Darso - Ulah Ceurik

Ulah Ceurik

Cag di dieu cag semeut dieu
Lalkon cinta nu urang
Tep anteupokeun tong di guar deui
Carita cinta nu peugat

Najan kagandrung sagunung
Najan duriat sajagat
Kadeudeuh nu nyangred pageuh
Ahirna urang papisah... pisah

Rek kasaha ka urang mana
Geura milari geuntosna
Jig ka kidul jig ka kaler
Ngulon ngetan moal nyaram

Tos teu aya kakaitan
Antara urang dua an
Lain anjeun, lain akang
Urang ges lain laina, lain...

reff//

Ulah... ceurik, tong di ceung ceurikan
Tarimakeun jadi randa akang pasrah jadi duda
Da geuning kieu kuduna
Urang teu bisa kumaha

Ulah... ceurik, tong di ceung ceurikan
wayahna urang papeugat najan hate masih beurat
Pileuleuyan... pileuleuyan..
Hampura akang hampura

Lirik Lagu Darso - Dadali Manting

Dadali Manting

Dadali manting ti npeuting
Kalayang kakalayangan
Neangan nu lawas ilang
Baturna duka ka mana...

Dadali manting ti peuting
Kalayang kapileumburan
Hate bingung kapigandrung
Nu ilang kawas nu pundung...

Memang bongana manehna
Kacida rasa mokaha
Kaduhung sagede gunung
Kumaha nya pilampaheun...

Dadali kabawa angin
Teu wasa nandangan lara
Tos teu kadenge deui sorana
Boa...boa...  boa.. boa.. tapi palias teuing....




Lirik Lagu Darso - Bulan Nyeungseurikeun

Bulan Nyeungseurikeun

Kunaon teu di jauhan
Godaan kalah di keukeupan
Ngadon main api
Ngarajut cinta nu pamali

Maen rasa jeung maen hate salingkuh karasa endah
Pikiran kapoekan hate jiga kaparabunan
Rasa cinta anjeun rasa sayang anjeun
Ngaleor karebut cinta saliwat

Reff//

Bulan nyeungseurikeun jiga nu mupuas kuring
Tingal panon ci reumbay ngan nyurudcud teu katahan
Bulan ulah ngaleos baturan kuring bagadang
Ngararasakeun kanyeuri anu nyiksa ngahanteum batin

Bere bongbolong bere awahan
Kumaha ngubaran peurihna hate


Lirik Lagu Darso - Kahayang Keukeuh

Kahayang Keukeuh

Mimitina iseung ku resep ngaheureuyan
Geugeut ka gelisna geureugeut kana bodi na
Tina iseung kalah manteung tina heureuy asup kana hate
Tung-tungna kuring bebeakan

Nga belaan ngayuk ngahutang mahugi hayang kapake
Lineuk-lineuk japati rek di cium mah hararese
Usaha anu can hasil kaburu beak modalna
Rek ngalamar teu boga duit

Reff//

Kuring nu ngoleang manehna kabandang batur
Cinta nu kapakan hate kuring kakalayangan
Kahayang teu kahontal manehna kawin jeung batur
Hate anu peurih ceurik ceurik ku nalangsa

Duriat pageuh kahayang keukeuh
Ngalamun teu paruguh nunggu randana


Lirik lagu Darso - Duriat

Duriat

Dina Hate kuring anjeun cicing
Dina hate anjeun kuring cicing
Beuneur - beuneur henteu bisa ngejat
Di beungkeut ku tali duriat

Sanajan loba nu daratang
Pating kuriling neangan lawang
Pating kaletrok kana panto hate
Tapi ku urang teu di palire

Duriat teu bisa digantian ku rupa
Duriat teu bisa di hilian ku harta
Duriat teu bisa di aya-aya
Duriat datang na teu kapaksa

Di kotretkeun tina hate ti dituna
Diguratkeun tina rasa ti dituna
Di buka di baca ku urang duaan
Di jaga di riksa pinuh rasa ka heman

Lirik Lagu Darso - Dina Amparan Sajadah

Dina Amparan Sajadah

Dina Amparan sajadah
Abdi sujud pasrah
Diri nu lamokot ku dosa
Nyanggakeun sadaya-sadaya

Dina Amparan sajadah
Abdi sujud pasrah
Mundut pangampura gusti
Ya Allah Rabbul Izzati

Taya deui panglumpatan
Taya deui pamuntangan
Mung Allah pangeran abdi
Pangeran anu sajati


Senin, 09 Desember 2013

Lirik Lagu Darso - Mawar Bodas

Mawar Bodas

Mapay jalan satapak
Ngajugjug ka hiji leumur
Heunteu karasa capena
Sabab aya nu di teang

Hujan angin dor dar geulap
Taya teumpat keur ngiuhan
Sanajan awak rancucud
Teu paduli kajeun teuing

Nu peunting mah asal nepi
Kateumpat anu di tuju
Rek ngalongok mawar bodas
Nu moal lila ka ala

Sugantemah moal gagal
Keumbang ges aya nu boga
Balik teh asa hoream
Leumpang ge asa ngalayang

Reff//
Teu kasawang ti anggangna
Teu kapikir ti tadina
Lamun bakal nyeuri hate
Hoream teu sudi teuing

Neangan pi panyakiteun
Neangan pi panyakiteun

balik ka reff//